Conto Bewara
Conto Bewara
Pasanggiri ngajena buku carpon mini sunda
Lembaga kabudayaan mekar parahayangan, gawe barung jeung penerbit kiblat buku Utama Katut Paguyuban Panglawungan Sastra(ppss), baris ngayakeun pasanggiri ngajenan Buku Carpon Mini Sunda. Ti pulpen tapi ka pajaratan cinta (Kiblat Buku Utama, Seri Girimukti, 2002). Tujuanana, pikeun ngaronjatkeun pangajen balarea kana buku-buku sunda, pangpangna buku carpon mini.
Katangtuan pasangiri:
- Saha bae bisa miluan iue pasangiri.
- Karangan winagun prosa (esey) tur ditulis make Basa Sunda.
- Eusi karangan ngejana salah sahiji carpon anu aya kumpulan carpon mini ti Pulpen nepi ka Pajaratan Cinta, bisa mangrupakun kritik atawa atas bahsan. Sakur pamilon bebas pikun ngajen carpon mana bae, henteu diwatesanan ku sahiji judul.
- Panjang karangan 2-3 kaca, di ketik dina keretas karton 1,5 spasi, antara 4000 nepi ka 5000 karakter.
- Sakur pamilon bisa ngirimkeun karangan lewih ti sajudul
- Karangan kudu bisa katarima ku panitia paling elat 10 oktober 2003 (cap pos ). Dina juru kencana amplop ditulis Pasanggiri Ngajenan Carpon Mini, sarta dikirimkeun ka panitia Pasanggiri Ngajenan Buku Carpon Mini, Jl Karawitan no. 46 Bandung 40264 Telp. (022) 7304764.
- Para pinunjul baris dibewarkeun tanggal 28 Oktober 2003.
- Putusan juri teu bisa digangu-gugat.
Hadiah:
- Pinunjul I RP.1.000.000
- Pinunjul II RP. 750.000
- Pinunjul III RP 500.000
- 12 Pinunjul HAREPAN RP. 100.000
Karawang, 29 Februari 2020
Ketua Sekretaris Ketua Pantia PasanggariNgajenan Buku Carpon Mini Sunda
Drs. Soeria Disastra Dra. Etti R. S., M. Hum
Innalillahi wainnalilahi roji’un...
Simpay pangasuh Kujang. Ngiring sungkawa ku ngantun na Bapa R.H.M. Sobri Hardjapamekas, salah sawios sesepuh Sunda, dina yuswa 92 tahun. Mugi ditampi iman Islamna. Amin
Pamingpin Umum
Drs.H. UU Rukmanana, M. S
Pasanggiri 17 Agustusan
Assalamu'alaikum Warrahmatullah Wabarakatuh
Anggota OSIS & MPK SMAN 2 Cikampek baris ngayakeun pasanggiri 17 Agustusan. Tujuanana pikeun ngaronjatkeun rasa nasionalisme tiap murid dina HUT nagara urang ieu nyaeta nagara Indonesia. Pasanggiri nu bakal diayakeun diantawisna:
- Pasanggiri maca sajak
- Balap karung
- Pasanggiri ngadongéng
- Pasanggiri nembang
- jsb.
Sadaya pasilitas disadiakeun ku pihak panitia. Acara ieu dilaksanakeun dina:
Dinten : Sabtu, 17 Agustus 2011
Tabuh : 08.00 - réngsé
Tempat : SMAN 1 Cianjur
Kanggo sadaya siswa-siswi SMAN 2 Cikampek anu niat ngiring pasanggiri mangga daptar ka panitia atanapi OSIS, hatur nuhun.
Wassalamualaikum Warrahmatullah Wabarakatuh
Komentar
Posting Komentar