Conto Warta

Conto Warta 

   Aksi Parampokan Di Kantor Jasa Tiket Pasawat


Aksi parampokan di Kantor jasa Pangayaan Tiket Pasawat di Jl. Buah Batu no 24 eta nembe di uninga ku salah sahiji pagawe kantor, kira-kira tabuh 7 leuwih 45 menit.

Dina waktos eta, panto kantor teh parantos dina kaayaan kabuka sareng gembokna anu geus diruksak. 3 komputer anu eusina teh data-data nu meser tiket sareng panerbangan pasawat tos leungit.

Akibat ti kajadian, eta tim panyidik TKP ti POLRESTA Bandung Tengah langsung ka tempat kajadian. Diperkirakeun aksi eta teh dilakukeun dinten wengi ku cara ngaruksak beusi sareng gembok.

Palaku oge sateuacanna ngaruksak internet di luar kantor sangkan leuwih gampang ngalakukeun eta kajahatan. Nepi ka ayeuna, patugas teu acan uninga kanamotif sareng tujuan parampokan eta, lantaran keur disalidik ku POLRESTA Bandung Tengah.

Banjir di Citarum, Bandung



Sampurasun. Tepang deui sareng simkuring ANISA LIDIA dina warta basa sunda. Dina wartos-wartos anu parenting geus sababaraha minggu katukang, wewengkon Bale Endah Kabupaten Bandung kakeunaan ku rupa-rupa musibah salah sahijina, Mudalna cai wahangan Citarum. Dumasar kana data nu katalungtik kurang leuwih 1536 (sarebu lima ratus lima puluh genep) imah katut wangunan sakola jeung pamarentahan ka keueum ku cai wahangan citarum tea, nu ngalantarankeun cai wahangan mudal teh, salian ti gede na cai hujan, oge ku ayana seserepan cai hujan anu teu katampung jeung teu ngocor kana kamalir alatan lobana runtah anu ngahalangan kokocoran nu ngabalukarkeun cai jadi ngeyembeng.

Pamarentah daerah geus nganyahokeun panalungtikan ka saban-saban tempat anu tujuanna ngadata korban jiwa, sabab dumasar kana hasil laporan ti warga masyarakat teu saeutik ayana korban jiwa alasan ka bawa cai caah tea. Aparat pamarentah ngarasa kapanggil jiwa na milu ancrub ka lapangan, keur merenahkeun wargana sangkan jauh tina marabahaya ku cara ngungsikeun ka palataran anu rada anggang ka wahangan Citarum tea.

Gubernur Jawa Barat, katut rengrengan satekah polah ngayakeun tarekah sangkan eta musibah teh teu tumimplik bae, ku jalan nyieun tanggul sacara babarengan disisi wahangan Citarum.

Tapi teu saeutik warga masyarakat sabudeureun kota Bandung ngarasa prihatin ku ayana musibah kieu teh, rereongan ngayakeun tarekah ngumpulkeun waragad keur sumbangkeuneun ka warga anu ka keunaan ku musibah tea.

Utamana nyumbangkeun obat-obatan, sabab geus mimiti loba nu katarajang ku rupa-rupa panyakit diantarana ararateul jeung mencret, akibat tina cai anu geus pacampur jeung kokotor tina runtah anu geus buruk.

Ku ayana hal eta, boh pamarentah pusat atawa daerah teu bosen-bosen meredih kawargana sangkan bisa ngariksa jeung ngajaga lingkungan. Pamungkas ti simkuring, pamarentah ge teu cicingeun ku ayana musibah kieu teh jadi panyepret sangkan wargana sadar kana pentingna kabersekaan jeung ngajaga lingkungan tina bibit berewit jeung panyakit. 

Rupina mung sakitu...Simkuring ANISA LIDIA seja amit mundur amit mungkur kasadayana. Wasallam..

Longsor di Desa Tenjolaya Bandung

Assalamualaikum wr. Wb.
Wilu jeung patepang deui sareng abdi Adinda, dina warta nu bade dikapindangkeun nyaeta : korban longsor di Desa Tenjolaya, Bandung.

Puluhan murid sakola SD, di desa tenjolaya, kecamatan pasir jambu, kabupaten bandung kena bencana longsor. Seeur murid anu masih keneh diajar di tenda darurat, teu tiasa sakola deui ku sabab sieun aya longsor susulan.

Saeutikna aya 193 murid sakola menengah pertama (SMP) anu jadi korban longsor. 46 urang diantarana nyaeta murid SDN Cisondari, anu sakolana dekeut sareng tempat longsor.

Khusus pikeun murid kelas 6 anu sakedik deui ujian nasional, dua minggu ieu marenehna bakal diajar di imah kapala sakola di cisondari. Sangaja ditempatkeun didinya supardos tiasa menang bimbingan nu leuwih samemeh UJIAN NASIONAL.

Murid bakal dipasihan bekel pangajaran tambahan, utamana pikeun mata pelajaran Bahasa Indonesia, Bahasa Inggris, IPA, IPS, sareng pelajaran matematika.

Unggal poe senen, murid anu diajar ditenda pikeun kelas 5 ka handap, menang bimbingan khusus nu didatangkeun ku dinas pendidikan pendidikan kota bandung. Tenda darurat anu diadegkeun di blok G-5 di perkebunan teh dewata, kira-kira 6 kilo meter ti lokasi longsor.

Dina kaayaan diajar jeung ngajar nu saayana, murid teh katingali teu baretaheun. PUTRI, salah sahiji siswi murid kelas 4 anu diajar di SDN Cisondari, nyarioskeun yen manehna kurang geunaheun diajar didinya.

Nah, sakitu wae nu kapihatur. Wilu jeung patepang deui dina warta nu bakal dongkap, amit mundur amit mungkur, sareng abdi. 
wassalamualaikum wr.wb.

Komentar

Postingan Populer